Rabu, 05 Desember 2012

Makalah Dongeng Bahasa Sunda



Disusun Oleh:
Asep Muhammad Ihsan
Ar Bahron Rosyid
Ana Kurnia Muslihah
Dida Dahniar
Nadia Evianti
Neng Astri
Riska Sundari
Sarah A.Rakhmi
Kelas: 2 C



















BAB I
BUBUKA
A.    Kasang Tukang
Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan lobana, diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu teu asup akal jeung teu bener- bener kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula. Tapi mun ningali kaayaaan jaman ayeuna mah barudak teh, khususna anu cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh- wanoh acan kana dongeng. Kukituna urang salaku calon pangajar anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana kana dongeng.
Dongeng teh loba pisan rupana diantarana aya fabel, parable, legenda, mite, sage, pamuk jeung dongeng pieunteungeun.

B.      Rumusan Masalah
Dina makalah ieu, bade dipedarkeun ngeunaan :
a.       Kumaha sajarah jeung kamekaran dongeng ?
b.      Naon anu dimaksud dongeng ?
c.       Naon wae unsur-unsur dongeng ?
d.      Naon wae ciri-ciri dongeng ?
e.       Naon fungsi dongeng ?
f.       Naon wae papasingan dongeng ?



C.     Tujuan
Tujuan anu dipikaharep bisa dihontal umumna nyaeta pikeun bisa ngeuyeuban pamikiran, pangaweruh ka nu maca, utamana ka nu teu wanoh kana karya sastra sunda (dongeng). Aya oge tujuan hususna nyaeta :
a.       Mikawanoh tur maham kana sajarah jeung kamekaran dongeng
b.      Mikawanoh tur maham kana wangenan dongeng
c.       Mikawanoh tur maham kana unsur-unsur dongeng
d.      Mikawanoh tur maham kana ciri-ciri dongeng
e.       Mikawanoh tur maham kana fungsi dongeng
f.       Mikawanoh tur maham kana papasingan dongeng















BAB II
PANGAJARAN DONGÉNG
A.      Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng
Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu. Dina ieu jaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim). Teu kawas pantun,  carita-carita mithologiapabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat kabar

B.       Wangenan Dongéng
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula.
Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok (Budi Rahayu Tamsah). Dongéng témimiti gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. 
 Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa Nilik kana wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina  dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.



C.       Unsur-unsur Dongéng
1.         Téma, nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
2.         Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran. 
3.         Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4.         Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng. 
5.         Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna. 

D.      Ciri-ciri Dongéng
1.         Caritana pondok lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan. 
2.         Aya bagian anu pamohalan. 
3.         Asup kana wangun lancaran jeung ugeran. 
4.         Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna. 
5.         Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6.         Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum. 
7.         Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8.         Pola ngadongéng sok angger.

E.       Pungsi Dongéng
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di handap:
1.             Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
2.             Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
3.             Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
4.             Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
5.             Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
6.             Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.

F.        Papasingan Dongéng
1.         Dongéng Sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran.  Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Contona  carita Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet.
Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti Sunda. Bénteun jeung dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang Peucang, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.
2.         Dongéng Babad (sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu SiliwangiDipati UkurSéh Abdul Muhyi,jrrd.
3.         Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu NawasNasarudinSi Congcorang,jjrd.
4.         Dongéng Mite
Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat ku masarakat.  Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung  kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda alamsaperti sangujagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi SriDongéng Nyi Roro KidulDongéng MunjungDongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.

5.         Dongéng Pieunteungan
Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
6.         Dongéng Pamuk
Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.
7.         Dongéng Légénda
Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa.  Papasingan Legenda :
1.        Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan AgamaSunan GesengSyéh Abdul MuhyiKi Pandan Arang dari Tembayat, jste.
2.        Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
3.        Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
4.        Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ PatenggangSasakala Maribaya

G.           Metode Pangajaran Dongéng
1.      Tekhnik-tekhnik Ngadongéng
a.       Maca langsung tina buku
Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu pikareseupeun nu cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa diserep tur paham yén kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.
b.      Ngadongéng ngagunakeun ilustrasi tina gambar
Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina buku anu pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna pikeun ngajelaskeun pesen-pesen anu aya dina caritaan.
c.       Nyaritakeun dongéng sacara langsung
Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média anu séjénna.
d.      Ngadogéng ngagunakeun papan flannel
Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu warnana netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta digunting polana dina kertas, terus ditémpelkeun dina papan éta.
e.       Ngadongéng ngagunakeun bonéka
Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.
f.       Dramatisasi dongéng
Dina métode ieu dongéng didugikeun ku cara maénkeun peran anu aya dina éta dongeéng. Jadi barudak diajak pikeun meragakeun caritaan éta dongéng sakumahana drama.

2.      Nyaritakeun dongéng sacara langsung
Aya sababaraha léngkah pikeun nyaritakeun dongéng sacara langsung, nyaéta :
a.       Pilih bacaan anu alus kalayan ahir carita anu bagja. Leuwih alus pahami heula leuwih tiheula eusi carita saméméh dibacakeun ka barudak.
b.      Ajak barudak sawala ngeunaan peunteun moral tina carita.
c.       Pilih carita anu sarua jeung kabiasaan goreng barudak. Melalui dongéng dipiharep barudak bisa ngarobah kabiasaan éta.
d.      Saacan ngawitan nyarita, biasakeun ngawanohkeun heula judul buku, jeung ilustrasina supaya barudak téh nyaho yén satiap buku téh aya judulan jeung nu nyieun ilustrasi.
e.       Atur intonasi jeung éksprési, sanajan ngan saukur maca, tapi kudu tetep metot minat anak kana caritaan anu dibacakeun. 




























.
BAB III
PANUTUP
A.    Kacindekan
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula. Dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongeng bisa dipaké pikeun ngadugikeun pesen saperti pesen moral. Kusabab kitu bisa di peka pangajaran ogé di SD.

DAPTAR PUSTAKA
Yayat, Sudaryat, Spk. 2007. Makaya Basa. Bandung : Sonagar Press.
Yudithea. Cara Menceritakan Dongeng dari Buku. [Online]:   http://yudithea.blogspot.com [13 Nopember 2012].
Eukaristia Victorique. Metode Dongeng sebagai Salah Satu Layanan BK di SD. [Online]: http://animenekoi.blogspot.com [13 Nopember 2012].





Tidak ada komentar:

Poskan Komentar